Jumat, 10 Juni 2011

Nadhom Istighfar (Sunda)

Astaghfirullah Robbal barooyah        Astaghfirullah Minal Khotoyah 2 X

1. Ya Allah gusti hampura abdi                       Tina sadaya kasalahan diri
     Rumaos tos lali tinggal sholat ngaji              Puasa jeung zakat wegah munggah haji

2. Ya Allah gusti tulungan abdi                         Tina tipu jalmi anu iri dengki
     Kiatkeun ati ku cahaya nabi                        Tenangkeun diri kudzikir Ilahi

3.  Ya Allah gusti sadarkeun abdi                      ku tobatna diri anu hakiki
      margi mung ka gusti harepan nu pasti          Pamugi nampi anu hina diri

4.   Ya Allah gusti tepangkeun abdi                    Sareng Kangjeng Nabi anu sugih mukti
       Ku cara ngabakti siang sareng wengi          Dina jiwa suci sareng tentrem ati.     

Tidak ada komentar:

Posting Komentar